TAS
NYEKAR
Ku: Dedi Saeful Anwar
Wanci
burit geus rada poek, kuring masih di jalan. Poek teh keur mah geus nincak ka burit,
katambah-tambah rek pihujaneun. Kuring mapay-mapay jalan nu baheula kungsi
kasorang basa keur sakola. Heubeul teu
ngulampreng ka dinya. Hemeng naker, loba nu geus rarobah. Ampir-ampiran siga nu
linglung. Ret ka kenca, ret ka katuhu, luak-lieuk nempoan sabudeuereun kaayaan
di dinya. Palaha-poloho.
Baheula
mah mun naek angkot ka beh dinya, mangsana liwat ti Isya, rehe simpe teu beda
jeung liwat ka pakuburan. Tatangkalan rajeg sisi jalan jarangkung ngan saukur
katojo caangna bulan nu jauh. Lampu ngan hiji dua nu hurung, jalma ge ngan saurang-dua urang nu
leumpang.
Tapi
jaman kiwari mah geus lain kaayanna. Teu sirikna di jalan meni hese usik.
Motor, sado, jeung nu leumpang oge nu dagang katut mobil rupa rupa merek pagiling
gisik. Heurin di jalan, heurin oge di sisi jalan. Runtah ngalayah di ditu-di
dieu. Nu ngagunuk di luhur trotoar, nu ngabarak di sisi jalan, nu bahe tina wadah
runtahna ge aya. Palastik, cangkang roko, cangkang shampoo, cangkang sabun, pemper
budak, nepi ka urut alat kontrasepsi ge aya.
Nu
dagang rupa-rupaning kadaharan teu kaitung. Nu dina roda, nu make etalaseu, nu
ditiungan ku tenda saroek sisina, geus puguh nu di jero ruko mah. Panon teu erueun
nitenan kaayaan. Kuring teu paduli ku kebul nu minuhan beungeut balas katiup
ban mobil treuk jeung angkot. Kasebrot angin tina knalpot nu sorana ngaberekbek
meh geus te aneh deui milu ngagandengan. Gegerungan, teu paduli ceuli batur
katorekan oge.
Mini
market pahareup-hareup jeung supermarket, pabrik kaen ngarendeng jeung pom bengsin, beh dituna
rajeg imah-imah agreng nu katelahna real estat cenah. Di gerbang real estat teh
basa na oge make basa asing aya Green “ANU”, aya Green “ANU” pokona mah pangeusina
teh jelema elit nu tangtuna rea duit. Cenah mah hartina green teh hejo, anu
puguh mah lain hejo ku tatangkalan, aya oge hejo, koneng, beureum, tur biru
minuhan jalan, rupaning bandera partey. Urut kompanye sawatara waktu kamari.
Ras
inget mangsa ka tukang. Basa Ema jeung Bapak jarumeneng keneh. Ayeuna mah geus
teu araya. Pan bieu teh tas nyekar ka makam-na. Ngan taneuh beureum jeung
kembang samoja nu ngabageakeun. Ditingkeban ku dangdaunan jeung tangkal awi.
Kukupu koneng, bodas jeung belang nyuguhan kuring, mawa angin nu meh nahan
renghapna. Ngusapan kesang hareudang beurang.
Sugan
teh enya ci hujan nu tulus rag-rag, sing horeng pipi geus baseuh. Cipanon geus
rembey maseuhan pipi. Ngagerung sora motor nu ku kuring ditumpakan marengan
gumuruh dina jero dada.
Bandung, 22 Juni 2014
Tidak ada komentar:
Posting Komentar