NGITUNG GIRIMIS
kayahang mah
peuting ieu siga peuting harita
ngobrol ngalor ngidul
jeung bulan di tepas
nyairan bentang baranang
disuguhan lalauh
nu amis-amis, enya ge
di buruan girimis
kayahang mah
bulan tong gancang-gancang miang
kuring masih loba kamelang
kahayang mah, gening
ngan saukur jangjang beurang
nu bakal miang
da bakal hiber, ngajangelek
ngajirim peuting
di buruan
kuring ngitung girimis
---
arciko, 20-des-14
---
sumber gambar:
https://www.google.com/search?q=gerimis&biw=1024&bih=598&source=lnms&tbm=isch&sa=X&ei=-wyXVJO2N8yWuAT22YHQCQ&ved=0CAYQ_AUoAQ#facrc=_&imgdii=_&imgrc=VOdnQt9eez-WxM%253A%3BAHSWUBVp8rdw-M%3Bhttp%253A%252F%252F4.bp.blogspot.com%252F-lBXry_8xzsM%252FUKzbFv7QQ3I%252FAAAAAAAAAfM%252FnoDb4L9VC3g%252Fs1600%252Ftumblr_lxko3dO9jz1qcegblo1_500.jpg%3Bhttp%253A%252F%252Fpelangitipha.blogspot.com%252F2012%252F11%252Fgerimis-romantis.html%3B495%3B307